PIDATO BAHASA SUNDA BERIMAN KEPADA KITAB - KITAB ALLOH

Kali ini admin postingkan contoh pidato bahasa sunda beriman kepada kitab Allah silahkan simak di bawah ini.


Assalamu'alaikum Wr. Wb
Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Alloh SWT. Sholawat sinareng salam hayu urang curah limpahkeun ka junjunan urang sadayana Nabi Muhammad Saw. Teu hilap ka para kulawargina, ka para sohabatna, ka para tabi’it tabi’atna tur dugi ka urang sadayana anu kenging sapa’atul ujma ti anjena,Amin ya robbal a’lamin.
            Hadirin kaum muslimin anu ku simkuring di pihormat
Abdi ngadeg di ieu tempat sanes bade jualan obat, sanes oge bade jualan combro, tapi sim kuring ngadeg di ieu tempat bade ngadugikeun sapalihna ilmu agama anu judulna “ IMAN KANA KITAB-KITABNA ALLOH “.
            Hadirin anu di mulyakeun ku Alloh
Ari anu di maksud iman kana kitab-kitab Alloh, nyaeta percaya yen ayana kitab-kitab suci, anu diturunkeun ku Alloh ka para Rosul pikeun di dugikeun ka sadaya umat manusia. Percaya kana kitab-kitab Alloh nyaeta rukun Iman anu ka 3.          
            Nami-nami kitab Alloh sareng anu nampina teh nyaeta aya 4
1.           Kitab Taurat diturunkeun ka Nabi Musa AS
2.           Kitab Zabur diturunkeun ka Nabi Daud AS
3.           Kitab Injil diturunkeun ka NAbi Isa AS
4.           Kitab Al-Qur’an diturunkeun ka Nabi Muhammad Saw
Hadirin kaum Muslimin anu ku simkuring di pihormat
Kasimpulan na nyaeta urang sadaya kudu percaya kana ayana kitab-kitab suci,
pengertian tina iman ka kitab-kitab Allah nyaeta urang yakin sapinuh hate bahwa Allah swt nurunkeun kitab-kitabna ka para rasul-rasulna lewat malaikat jibril, kana dijadikeun pedoman hirup urang sadaya jeung ngabedakeun mana anu hak jeung mana anu bathil. Kita Allah nyaeta pedoman hirup manusia nu bakal ngacapaikeun kabahagiaan dunya sareng akhirat jeung mikeun kahartos antara anu hak sareung anu bathil nu halal sareung nu haram, diperlukeun nyaeta Al-Qur’an.

Kitab suci urang salaku umat islam nyaeta Al-Qur’an. AL-qur’an nyaeta kitab suci nu diturunkeun ka Nabi Muhammad SAW sakaligus nu terakhir di turunkeun ka dunya. Dijelaskeun dina surat Al-Baqarah ayat 2 nu hartina :
Al-Qur’an nyaeta panerangan kana jalmi-jalmi nu takwa ka Alloh swt. Hikmah serta manfaat iman ka kitab-kitab Allah SWT diantarana nyaeta nentramkeun batin, merenyano kana umat-umat jaman baheula, bias ngabedakeun mana anu hak sareung petunjuk ngacapai kabahagiaan dunya jeung akhirat.


            Hadirin hadirot, mung sakitu bae anu tiasa ku simkuring di dugikeun, mudah-mudahan aya manfaatna khususna ka simkuring anu ngadugikeunana, umumna anu kanu ngupingkeunana. Hapunten bilih aya kalepatan.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

Demikianlah yang saya bagikan mengenai pidato sunda beriman kepada kitab Allah semoga bermanfaat.