Blog Tentang Bacaan Al Qur'an, Doa - Doa, Tata Cara Ibadah, Contoh Surat, Makalah, Skripsi, Proposal, Pidato, Puisi, Kata Mutiara dan Artikel.

Selasa, 14 April 2015

Kumpulan Contoh Biantara Bahasa Sunda Lengkap


MIELING HARI SUMPAH PAMUDA

Para saderek sadaya nu sabangsa jeung sanagara.

Assalamualaikum Wr. Wb

Dina sajarah perjuangan bangsa urang sadaya uninga, ten dina tanggal 28 Oktober 1928 sadaya pemuda Indonesia ngahiji, lantaran kadorong ku hate sanubarina anu suci murni sahingga ngarasa sanasib sapananggungan. Sahingga dina Kongres Pamuda tanggal 28 Oktober 1928 ngalahirkeun sumpah satia anu luhur ti para pamuda bangsa Indonesia, anu saterusna dikenal sabagi hari “Sumpah Pamuda”.

Kumargi eta satiap tanggal 28 Oktober , sadaya bangsa Indonesia mieling kana ayana hari Sumpah Pamuda, sapertos anu nuju dilaksanakeun ku urang ayeuna.

Ku ayana mieling hari sumpah pamuda ieu mangga urang sambut ku tasyakkur kahadirat illahi rabi. Anu mudah-mudahan Allah SWT maparin berkah ka nagara urang sarta tetep nagara urang aya dina beungkeutan persatuan anu salamina. Urang parantos maklum yen dina tanggal 28 Oktober 1928 eta sacara buleud nampung kakuatan pamuda Indonesia kalayan sumpah satia hiji bangsa, hiji nusa jeung hiji bahasa. Dimana samemehna kakuatan pamuda teh papisah dina kelompokna masing-masing sareng anu sifatna kadaerahan, sapertos halna Yong Yava, Yong Sumatera, Yong Selebes, Yong Ambon jeung sajabana.

Kulantaran ngarasa sanasib, mangka kagugah kasadaran para pamuda nu ngeunaan kacida pentingna persatuan jeung kesatuan Nasional.

Berkah ayana kasadaran persatuan jeung kasatuan eta anu ngarupakeun kakuatan utama kana ngahontalna kemerdekaan dna tanggal 17 Agustus 1945 sabagi pintu gerbang anu kahiji pikeun ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anumerdeka jeung berdaulat.

Ku ngayakeun paringetan Supah pamuda ieu hayu urang babarengan ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT. Nyaeta di antarana nagmalkeun ikrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928.

Dosa kacida, munafeq ngarana jalma anu ingkar kana jangji atawa sumpahna. Sabab ngemutkeun dawuhan Rosulullah SAW. Disaurkeun kieu:

AYATUL MUNAAFIQINA TSAALATSUN, IDZA HADATSA KADZABA WA IDZA WA’ADA AKHLAFA WA IDZA TUMINA KHANA.

“Ari cirri-cirina jalma anu munafeq aya tilu nyaeta: dimana nyarita sok bohong, dimana jangji sulaya/ingkar jeung dimana diamanatan khianat.”

Urang bangsa Indonesia khususna para pamuda Indonesia, ngabogaan kawajiban sarta tanggung jawab pikeun ngabina kasatuan jeung persatuan bangsa. Para pamuda kudu wani ngarombak sagala kabatilan jeung hal-hal anu teu sarua jeung ajaran agama katut falsafah nagara. Sabage pamuda ulah putus pangharepan, pantang mundur upama cita-citana tacan laksana sarta kudu jadi pamuda anu iman tur taqwa ka Allah SWT. Pamuda salawasna ngabogaan daya cipta, rencana jeung pinuh ku inisiatif pikeun kamaslahatan umat sarta pamuda boga kakuatan persatuan jeung kasatuan lahir jeung batin di antara sasamana. 

Dina salahsahiji katerangan disaurkeun kieu :
“Dina leungeun pamuda aya tangguna jawab sagala urusan kahirupan, jeung kahirupan hiji bangsa gumantung kana maju atawa mundurna pamuda di eta nagara.

Berkahna tina hasil perjuangan rakyat jeung pamuda Indonesia, kiwari kudu di buktikeun ku jalan ningkatkeun pangwangunan dina sagala bidang pikeun kabagjaan jeung kasajahteraan urang sadaya, boh di dunia atawa di akherat engke.

Akhirna sabagi penutup sambutan ti simkuring ieu, hayu urang babarengan ngahiji dina hiji kasatuan pikeun nangtungkeun jeung mertahankeun falsafah Pancasila jeung UUD 1945, sabagi falsafah jeung pandangan hirup bangsa. Sarta mudah-mudahan khususna para pamuda bangsa sing jadi pamuda panerus jeung pencetus sagala ide anu hade demi pikeun ngahontal cita-cita jeung harepan urang sadayana.

Mudah-mudahan Allah SWT salamina ngalimpahkeun rahmat sareng kasalametan ka para pamuda bangsa jeung nagara Indonesia. Amin!!!



NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh ”
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.
Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa sunda.
Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.
Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.
Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.

CONTOH BIANTARA SUNDA
Assalamualaikum Wr. Wb.
Mukadimah
( Inalhamdalilah……./ Alhamdulilah Wasalatu Wasalamu…… )
Langkung tipayun puja urang sanggakeun kanu maha kawasa puji kanu maha suci, sukur kaaloh anu maha gofur anu masih keneh ngusik malikeun awak sakujur, tug dugika kiwari masih keneh masihan jatah umur, ngan omat eta umur ulah rek dihambur-hambur komo mah dipake ujug ria jeung takabur bisi urang kagolongkeun kajalma anu kufur anggur mah yu urang seueurkeun sukur anu malah mandar jaga di alam kubur kengeng pangampura ti aloh anu maha
punjul amin..... ... ...
Oge sholawat miwah kasalametan mugia dilimpahcurahkeun digulunturkeun ngocor tur ngagolontor, ngalir tur ngamalir kajungjunan urang sadayana nyatanya ka kangjeng nabi muhamad SAW. Ka para kulawargana, ka para sahabatna, ka para tabi’it-tabi’itna, anu malah mandar tug dugi kaumatna nyatanya urang sadayana, anu mikaconto tur nulad kana tapak lacak mantena ti kawit dugika ahir.
Dina leresan ieu sim abdi ngahaturkeun nuhun kapangatur waktu panata acara anu ku simkuring dipihormat ka dewan juri anu dipiati kaibu guru miwah bapa guru anu di tungu-tungu oge karerencangan simkuring anu masih keneh calik di bangku SD anu sararae tur harade, Dina danget ieu sim abdi anu teu disangki-sangki tiasa ngadeg di payuneun para wargi, turta tiasa cumarita di payuneun para ibu miwah para bapa, sanes bae ku tiasa jeung biasa sim abdi ngiring lomba, ngan sim abdi hoyong tiasa nyarita ku basa sunda dina ngadugikeun biantara.
Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana dibarengan ngajdikeun urang betah cicing didinya di lembur matuh banjar karang pamidangan tempat ngiuhan tina hujan, tempat niis lamun burang reureuh ngampih lamun peuting, cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah numuwuhkeun pare nu bisa kapetik hasilna kaala buahna. Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang tetep dijaga kaendahana teu di ruksak ku leungeun-leungeun sarakah nu matak jadi teu endah, cobi tinggal di kota-kota tos sesah mendakan sawah, tos jarang aya pancuran. Tos dibangun mol pangbalanjaan anu megah nepika teu merhatikeun bahayana,

Mangpangmeungpeun hirup di lembur anu ,asih keneh asri kuring mah haying jaga tetep kieu,  rangkongna sora bangkong, reangna sora jangrik jeung recetna sora tongeret mapag sareupna wanci kaburitnakeun. Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar nyaah jeung miarana enya-enya teu jorok ka lembur sorangan,
miceun runtah dina tempatna, kai teu dituar sangeunahna ahirna alam mere akibatna.  
Mangpangmeungpeun hirup ayeuna yu urang jaga lembur pamatuhan, nu endah taya papadana ku urang keur urang anu urang. Sakitu anu kapihatur nanging sateuacana sim kuring gaduh sisindiran
Ngalamun mubuy bakakak
Mawa dahan tina tulang
Mun lembur tuluy di ruksak
Musibah datang, kaendahan oge ilang
Mung sakitu anu kapihatur,sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan bobot pangayon timang taraju aya di para ibu, jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi surti sarta ngarti aya di dewan juri.
Ditutup ku du’a Ragi sabeulah di banjar diremetkeun duanana
Pamugi aloh ngaganjar nyalamekeun sadaya

Wabilahi taufik wal hidayah, warido wal inayah
Wassalamualaikum Wr. Wb.
 
Facebook Twitter Google+
 
Back To Top