PIDATO BAHASA SUNDA TENTANG PERTOLONGAN DI DALAM KUBUR

Table of Contents
Kali ini admin postingkan mengenai pidato bahasa sunda tentang pertolongan di alam kubur silahkan simak dibawah ini.


Assalamualaikum Wr.Wb.
            Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah SWT. Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.
             Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad SAW. Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna anu taat ka mantena amin yarobal alamin.
            Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen naon-naon wae anu bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu bakal nulungan urang eungke di jero kubur. Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh ceuk hadis rosul anu unggelna kieu.

1.       nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas, dimana urang sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng mere sumbangan keur pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung rido iklas sodakoh karna Allah SWT.
2.      nyaeta elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu ku urang diamalkeun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan barudak, jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.
3.      nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngado’akeun kanu jadi kolotna.
Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal sodakoh, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe ieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah SWT.
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi.

Wassalamu alaikum Wr.Wb.


Demikianlah yang saya sampaikan mengenai pidato sunda pertolongan di alam kubur semoga bermanfaat.