PIDATO PERPISAHAN SEKOLAH BAHASA SUNDA

Kali ini admin postingkan contoh pidato perpisahan bahasa sunda silahkan simak di bawah ini.

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh swt.

Sholawat sinareng salam hayu urang curah limpahkeun ka junjunan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad Saw. Teu hilap ka kulawargina, para sahabatna, oge para penganutna anu micinta tur miconto kana tapak lacak anjeuna. Amien…

Hadirin anu ku simkuring di pihormat…

Unjuk hatur nuhun, wireh simkuring kebek ku karumaosan, tina kawit boloho taya kanyaho ayeuna parantos teu bodo balilu teuing. Teu aya sanes anging ku panuntun sareng pangatik ibu miwah bapak guru sadayana. Dina laresan ieu kanggo simkuring estu beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana. Kedah kumaha sareng kedah kunaon atuh simkuring mulang tarima. Da moal aya harta dunia anu kurup saimbang sareng kasaean pangersa ibu miwah bapak guru sadaya ka simkuring. Simkuring mung tiasa jumerit ka Gusti anu maha Suci, mugi Gusti maparin ganjaran kasaean ka para guru abdi sadaya, anu parantos kahesean-kacapean, karungsingan-kapusingan, dina enggoning ngatik ngadidik abdi sadaya. Amien ya Robbal’alamin…

Simkuring neda di hapunten ka pangersa ibu miwah bapak guru sadaya. Ti luhur satungtung buuk ti handap sahibas dampal, Boh nu karaos boh nu henteu, neda di hapunten ku galih-galih nu wening, ku manah-manah nu setra…

Oge simkuring neda jiad pangdu’a ti pangersa ibu miwah bapak guru sadaya, supados tiasa ngamangfa’atkeun elmu anu katampi ti ibu miwah bapak sadaya. Sing tiasa jadi jalma anu aya gunana kanggo balarea, sumawonten kanggo pribadina, sakirang-kirangna ulah jadi jalma anu ngarugikeun batur…

Eta rupina piunjuk ka ibu miwah bapak guru sadayana.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Demikianlah yang saya bagikan mengenai contoh pidato perpisahan sekolah sunda semoga bermanfaat.