Kumpulan Contoh Biantara Bahasa Sunda Lengkap
Table of Contents
Kali ini admin postingkan kumpulan contoh pidato atau biantara bahasa sunda silahkan simak di bawah ini.
MIELING
HARI SUMPAH PAMUDA
Para saderek sadaya nu sabangsa
jeung sanagara.
Assalamualaikum Wr. Wb
Dina sajarah perjuangan bangsa urang
sadaya uninga, ten dina tanggal 28 Oktober 1928 sadaya pemuda Indonesia
ngahiji, lantaran kadorong ku hate sanubarina anu suci murni sahingga ngarasa
sanasib sapananggungan. Sahingga dina Kongres Pamuda tanggal 28 Oktober 1928
ngalahirkeun sumpah satia anu luhur ti para pamuda bangsa Indonesia, anu
saterusna dikenal sabagi hari “Sumpah Pamuda”.
Kumargi eta satiap tanggal 28
Oktober , sadaya bangsa Indonesia mieling kana ayana hari Sumpah Pamuda,
sapertos anu nuju dilaksanakeun ku urang ayeuna.
Ku ayana mieling hari sumpah pamuda
ieu mangga urang sambut ku tasyakkur kahadirat illahi rabi. Anu mudah-mudahan
Allah SWT maparin berkah ka nagara urang sarta tetep nagara urang aya dina
beungkeutan persatuan anu salamina. Urang parantos maklum yen dina tanggal 28
Oktober 1928 eta sacara buleud nampung kakuatan pamuda Indonesia kalayan sumpah
satia hiji bangsa, hiji nusa jeung hiji bahasa. Dimana samemehna kakuatan
pamuda teh papisah dina kelompokna masing-masing sareng anu sifatna kadaerahan,
sapertos halna Yong Yava, Yong Sumatera, Yong Selebes, Yong Ambon jeung
sajabana.
Kulantaran ngarasa sanasib, mangka
kagugah kasadaran para pamuda nu ngeunaan kacida pentingna persatuan jeung
kesatuan Nasional.
Berkah ayana kasadaran persatuan
jeung kasatuan eta anu ngarupakeun kakuatan utama kana ngahontalna kemerdekaan
dna tanggal 17 Agustus 1945 sabagi pintu gerbang anu kahiji pikeun ngahontal
cita-cita bangsa Indonesia anumerdeka jeung berdaulat.
Ku ngayakeun paringetan Supah pamuda
ieu hayu urang babarengan ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT. Nyaeta di
antarana nagmalkeun ikrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928.
Dosa kacida, munafeq ngarana jalma
anu ingkar kana jangji atawa sumpahna. Sabab ngemutkeun dawuhan Rosulullah SAW.
Disaurkeun kieu:
AYATUL MUNAAFIQINA TSAALATSUN, IDZA
HADATSA KADZABA WA IDZA WA’ADA AKHLAFA WA IDZA TUMINA KHANA.
“Ari cirri-cirina jalma anu munafeq
aya tilu nyaeta: dimana nyarita sok bohong, dimana jangji sulaya/ingkar jeung
dimana diamanatan khianat.”
Urang bangsa Indonesia khususna para
pamuda Indonesia, ngabogaan kawajiban sarta tanggung jawab pikeun ngabina
kasatuan jeung persatuan bangsa. Para pamuda kudu wani ngarombak sagala
kabatilan jeung hal-hal anu teu sarua jeung ajaran agama katut falsafah nagara.
Sabage pamuda ulah putus pangharepan, pantang mundur upama cita-citana tacan
laksana sarta kudu jadi pamuda anu iman tur taqwa ka Allah SWT. Pamuda
salawasna ngabogaan daya cipta, rencana jeung pinuh ku inisiatif pikeun
kamaslahatan umat sarta pamuda boga kakuatan persatuan jeung kasatuan lahir
jeung batin di antara sasamana.
Dina salahsahiji katerangan disaurkeun
kieu :
“Dina leungeun pamuda aya tangguna
jawab sagala urusan kahirupan, jeung kahirupan hiji bangsa gumantung kana maju
atawa mundurna pamuda di eta nagara.
Berkahna tina hasil perjuangan
rakyat jeung pamuda Indonesia, kiwari kudu di buktikeun ku jalan ningkatkeun
pangwangunan dina sagala bidang pikeun kabagjaan jeung kasajahteraan urang
sadaya, boh di dunia atawa di akherat engke.
Akhirna sabagi penutup sambutan ti
simkuring ieu, hayu urang babarengan ngahiji dina hiji kasatuan pikeun nangtungkeun
jeung mertahankeun falsafah Pancasila jeung UUD 1945, sabagi falsafah jeung
pandangan hirup bangsa. Sarta mudah-mudahan khususna para pamuda bangsa sing
jadi pamuda panerus jeung pencetus sagala ide anu hade demi pikeun ngahontal
cita-cita jeung harepan urang sadayana.
Mudah-mudahan Allah SWT salamina
ngalimpahkeun rahmat sareng kasalametan ka para pamuda bangsa jeung nagara
Indonesia. Amin!!!
NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci,
urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu
acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina
danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja
ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng
ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya
kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur
gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku
pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara
anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh
sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para
nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes
kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku
junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna
cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda
meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda
ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana
budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan.
Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren
bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa.
Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana
dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana,
dijawn teh ”
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna
mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit
balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung
bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti
bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa
Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh
UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda,
nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung
dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda
dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga
nagara anu hade.
Hadirin, salajengna, generasi
muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran
agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu
aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan
manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S
Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda
kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung
warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda
pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah
basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti
basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana
aruningaeun alias marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah
kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda
mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan
tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi
ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna, konci utama para
nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah
era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di
lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada
ngarti kana basa sunda.
Hadirin, ulah sieun disebut
urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna,
urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging
kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara
tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa
Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana
tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara
Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta
mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu
namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.
Terekah sanesna, di antawisna
urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun
kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara
sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos
pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan
nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio
di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu
ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.
Hadirin anu sami-sami
linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui
ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah
peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut
budaya Sunda.
Manawai bahan katampi,
hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri.
Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda.
Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi,
hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu
mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda.
Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali
deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak
nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.
CONTOH BIANTARA SUNDA
Assalamualaikum
Wr. Wb.
Mukadimah
( Inalhamdalilah……./ Alhamdulilah Wasalatu Wasalamu…… )
Mukadimah
( Inalhamdalilah……./ Alhamdulilah Wasalatu Wasalamu…… )
Langkung tipayun puja urang sanggakeun kanu maha
kawasa puji kanu maha suci, sukur kaaloh anu maha gofur anu masih keneh ngusik
malikeun awak sakujur, tug dugika kiwari masih keneh masihan jatah umur, ngan
omat eta umur ulah rek dihambur-hambur komo mah dipake ujug ria jeung takabur bisi
urang kagolongkeun kajalma anu kufur anggur mah yu urang seueurkeun sukur anu
malah mandar jaga di alam kubur kengeng pangampura ti aloh anu maha
punjul amin..... ... ...
punjul amin..... ... ...
Oge sholawat miwah kasalametan mugia dilimpahcurahkeun
digulunturkeun ngocor tur ngagolontor, ngalir tur ngamalir kajungjunan urang
sadayana nyatanya ka kangjeng nabi muhamad SAW. Ka para kulawargana, ka para sahabatna,
ka para tabi’it-tabi’itna, anu malah mandar tug dugi kaumatna nyatanya urang
sadayana, anu mikaconto tur nulad kana tapak lacak mantena ti kawit dugika
ahir.
Dina leresan ieu sim abdi ngahaturkeun nuhun
kapangatur waktu panata acara anu ku simkuring dipihormat ka dewan juri anu
dipiati kaibu guru miwah bapa guru anu di tungu-tungu oge karerencangan
simkuring anu masih keneh calik di bangku SD anu sararae tur harade, Dina
danget ieu sim abdi anu teu disangki-sangki tiasa ngadeg di payuneun para
wargi, turta tiasa cumarita di payuneun para ibu miwah para bapa, sanes bae ku
tiasa jeung biasa sim abdi ngiring lomba, ngan sim abdi hoyong tiasa nyarita ku
basa sunda dina ngadugikeun biantara.
Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana dibarengan
ngajdikeun urang betah cicing didinya di lembur matuh banjar karang pamidangan
tempat ngiuhan tina hujan, tempat niis lamun burang reureuh ngampih lamun
peuting, cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah numuwuhkeun pare nu bisa
kapetik hasilna kaala buahna. Tuh pan lamun tea mah
lembur ku urang tetep dijaga kaendahana teu di ruksak ku leungeun-leungeun
sarakah nu matak jadi teu endah, cobi tinggal di kota-kota tos sesah mendakan
sawah, tos jarang aya pancuran. Tos dibangun mol pangbalanjaan anu megah nepika
teu merhatikeun bahayana,
Mangpangmeungpeun hirup di lembur anu ,asih keneh asri kuring mah haying jaga tetep kieu, rangkongna sora bangkong, reangna sora jangrik jeung recetna sora tongeret mapag sareupna wanci kaburitnakeun. Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar nyaah jeung miarana enya-enya teu jorok ka lembur sorangan,
miceun runtah dina tempatna, kai teu
dituar sangeunahna ahirna alam mere akibatna.
Mangpangmeungpeun
hirup ayeuna yu urang jaga lembur pamatuhan, nu endah taya papadana ku urang
keur urang anu urang. Sakitu anu kapihatur nanging sateuacana sim kuring gaduh
sisindiran
Ngalamun mubuy bakakak
Mawa dahan tina tulang
Mun lembur tuluy di ruksak
Musibah datang, kaendahan oge ilang
Mawa dahan tina tulang
Mun lembur tuluy di ruksak
Musibah datang, kaendahan oge ilang
Mung
sakitu anu kapihatur,sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya
kalepatan sareng kakirangan bobot pangayon timang taraju aya di para ibu,
jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi surti sarta ngarti aya di
dewan juri.
Ditutup
ku du’a Ragi sabeulah di banjar diremetkeun duanana
Pamugi aloh ngaganjar nyalamekeun sadaya
Pamugi aloh ngaganjar nyalamekeun sadaya
Wabilahi taufik wal hidayah, warido wal inayah
Wassalamualaikum Wr. Wb.
Demikianlah yang saya bagikan mengenai biantara bahasa sunda semoga bermanfaat.
Demikianlah yang saya bagikan mengenai biantara bahasa sunda semoga bermanfaat.